Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/405

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Djênengan SJECH DATOE KAHFI, njandak balad pirang-pirang, noe pada sami ngaderek, djoemlah aja tiloe kapal, samakta parabotna, baratoes-ratoes soldadoe, ari moenggoeh tjang-tjingna.

Anoe di Sĕmboeng di Djati, di Djoenti djeung di Djapoera, kotjapkeun Pandita kahot, soemping ka Djati dipapag, koe SJECH HIDAJATOE'LLAH, disarĕngan RADJA LAOET, loengsoer ti goenoeng Amparan.

Gehger santri Goenoeng Djati, maroekan aja barandal, tina awhing koe rame, sora pangiring Pandita, tina loba-lobana, kakoepingna ge goemoeroeh, saroerak ambal-ambalan.

SOENAN DJATI geus tjaralik, magělaran di paměngkang, kami pada goenĕm raos, PANGERAN PANDJOENAN njabda, Rai HIDAJATOE’LLAH, naon kersa noe loeloegoe, noe mawi angkat ka Djawa.

Ngantoen nagri Banisrail, teu kĕrĕsa djadi radja, kalah ngalos ngaleos?" wangsoelan SJARIF HIDAJAT: „Maksoed djadi kaoela, noemawi djaoeh didjoegdjoeg, soegan diparěngkeun.

Rek njibar agama soetji, soesoeganan oerang Djawa, tiasà kantos lalakon, daraekeun anoet Islam, maraděp ka Jang Soekma, babakoena moeng sakitoe, noemawi rai ka Djawa."

Koetan kitoe maksad rai, rek měroahkeun oerang Djawa, na katon tjatjandakan teh, anoe didaměl tanggělan, bĕkĕl rai ti arab?” SOENAN DJATI pok ngawangsoel: „Taja sanes moeng sjahadat.”

(Aja samboenganana).
 

- 836 -