Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/407

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Serie No. 827-827a - Serie No. 827-827a

TJARITA MANTRI DJERO

(2 DJILID) _ KARANGAN

R. MEMED SASTRAHADIPRAWIRA



Ieu boekoe němbe pisan mědal. Eusina njarioskeun lalampahan R. Jogaswara', ti moerangkalihna dongkap ka djěněngna Mantri Djĕro di Nagara Tengah; pěrnahna di palebah onderdistrik Tjineam ajeuna. Ieu lalakon djaman 300 taoen ka toekang, waktos para boepati Priangan masih ngaradja dewek. Seueur tjariosanana anoe matak kětir sareng watir, Inja kitoe deui anoe pikaboengaheun oge henteu koerang. Měnggahing kanggo oerang Tjiamis sareng Tasikmalaja, oepami maos ieu boekoe teh bakal ngaraos asa dina pangimpian. margi di eta tempat seueur keneh talapakanana sareng ngaran² tempat anoe kasoebat-sabit; nja kitoe deui kanggo noe sanes oerang Tjiamis atanapi Tasikmalaja oge kanténan pĕrloe, bilih palaj oeninga sadjarahna Tanah Soenda.



Pangaosna djilid I ................... f 0.40
 ,,  ,, II .................. ,, 0.40

NGINTOENKEUN POSTWISSEL