Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/414

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

TJARITA ABOENAWAS II

Serie No.
689a
Kenging njoendakeun
M. Ach. Sjan. Tanowirědja


Pangaosna
f. 032

Soergi anoe parantos ngagaleuh djilid kahidji, oelah lali kědah ngagaleuh djilid anoe kadoea, soepados oeninga tamatna dongeng anoe sakitoe kamashoerkeunana


TJARITA NJI HALIMAH

Serie No.
799
KARANGAN SAMSOEDI


Pangaosna
f. 048

Eusina njarioskeun lalampahna hidji boedak awewe pahatoe, hiroep di lěmboer kadoea ninina katjida balangsakna. Eta boedak awewe sanggeus ditinggalkeun maot koe indoengna hĕnteu tjitjingeun, oesaha sabisa-bisa, boeboeroeh njeuseuh djeung ngasoeh di hidji njonja. Sanggeus papisah djeung Ninina boeboediang di hidji toean di onderneming, katjida gětolna; aja batoеrna anoe sadoenoenoengan djeung manehna anoe ngewaeun doemeh dipikaasih. Roepa-roepa bahaja anoe kasorang koe eta boedak lantaran di pitěnah batoer. Tapi koe lantaran manehna teh boedak bageur, lĕmpĕng, běněr djeung hade hate, sakitoe rěměn dipitěnahkeun oge hĕntĕu něpi ka bahjana, malah di ahir meunang noegraha ti Mahasoetji.
Soemangga araos tĕrasna ieu lalakon, pikeun panambah loeang ka noe djadi doenoengan sarĕng anoe koemawoela.

EUSINA SARAE.