Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/415

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
SERIE No. 739 SERIE No. 739

PAIT-PEUHEURNA NJANDOENG

KARANGAN
NJI RADEN PERMASIH, D. SASMITADIMADJA
SARENG BALE POESTAKA

Awis pisan neangan djalma anoe tiasaeun nahan napsoena sareng anoe tiasaeun miwoelangan maneh. Ari akalna mah koe noe palinter parantos kapĕndak, nja eta kědah sĕring maos boekoe anoe ageung mangpaatna. Boekoe „PAIT-PEUHEURNA NJANDOENG" oge kalěbět kana boekoe anoe ageung mangpaatna.
Saha-saha noe parantos maos doegi ka tamatna sareng dihartoskeun ĕnja-ĕnja eusina, koe emoetan langkoeng ti lima poeloeh perěsĕn rĕrěged hate oerang anoe moesna, diganti koe kawĕningan.
Soemangga tjobi-tjobi ngagaleuh boekoena, pangaosna mirah pisan, moeng..........f 0.36


SERIE No. 752 SERIE No. 752

NGALALANA MĚKĚL SAKETIP

DISOENDAKEUN KOE KDERDI

Nona Inggris nja geulis nja pintĕr, kawoewoeh leber wawanen, dongkap ka wantoen ngadjadjah doenja měkěl sakětip.
Aja menak nonoman teu kintěn asih trĕsnana ka eta nona, namoeng keukeuh manehna teu daekeun. Koe margi ieu tjarios teu kintěn rĕsmina, koe Bale Poestaka henteu diengkekeun deui, ditjitak didaměl boekoe Taman Poestaka keur aosan oerang Soenda.
Djilid kahidji pangaosna...........f 0.60

kadoea..................0.68

AGĔNG MANGPA'ATNA