|
|
|
Eusina njarioskeun hiroepna sasatoan laleutik 41 roepa kajaning: tjatjing, koetoekoeja, simeut, lantjah, londok, haphap dj.s.t. Naon margina noe mawi oerang saeutik pisan nja katĕrang? Doemeh teu sarakola loehoer? Hal teu sakola loehoer kantĕnan djadi sabab oge, oerang teu pintěr sapĕrtos deungeun, namoeng, babakoena pisan lantaran oerang teu toelaten kana. roepa² noe koemělip, noe kapěndak oenggal dinten koe oerang, padahal sagala oge kenging ditapakoeran.
R. Soewandakoesoema oerang Soenda pitoein, anoe mimiti ngoelik koe andjeun hal hiroepna sasatoan laleutik, dioelik ditaloengtik diteangan dimanahan rasiahna dongkap ka djadi boekoe anoe sakitoe kandělna. Pantes pisan ieu boekoe diampihan koe sadaja oerang Soenda anoe ariasa maos. Gambarna seueur sareng sarae. Pangaosna....f 1.50
|
|
Soegri anoe palaj oeninga kana kaajaanana hawa, hoedjan, lini sareng roepa² kaajaan alam lian ti eta; enggal ngagaraleuh boekoe Kabeungharan alam, ka Bale Poestaka. Katĕranganana etjes sareng dipapaesan koe pirang-pirang gambar anoe sarae. Pangaosna ..............f 0.40
KA MOERANGKALIH