MANGLE
Sinom
Moenggoeh sakabeh manoesa,
noe hiroep di alam lahir,
pada boga kawadjiban,
oenggal djalma masing-masing,
teu pilih menak koering,
ari noe djadi loeloegoe,
moelangkeun kahadean,
tanda panarima boedi,
ka noe ěnggeus ngahoetangkeun kahemanan.
Nja eta noe ngahiroepan,
noe ngaraksa beurang peuting,
njatana katarimaan,
lain moedja reudjeung moedji,
tapi mětakeun boedi,
milampah lakoe noe loehoeng,
sipatna kahadean,
noe mangpa'at lahir-batin,
kahadean anoe lana salilana.
Ari moenggoeh diri mah,
barang noe laip teh teuing,
kawantoe keuna koe roeksak,
geus roeksak lěs bae leungit,
mo bisa woedjoed deui,
hiroepna ngan oekoer hiroep,
tapi kahadean mah,
bakatna sapěrti tjai,
moal leungit nadjan ganti-ganti roepa.
Asal tjai djadi saab,
saab djadi tjai deui,
moetěr teu aja pěgatna,
hoerip soegri noe doemadi,
koe pangaroehna tjai,
kahadean oge kitoe,
mere kasalamětan,
njěrěpna ka noe koemělip,
lir oepama tjai njěrěp kana lěmah.
― 29 ―