Sagala roepa noe dikirimkeun koe postpakket koedoe diboengkoes dihade-hade sangkan oelah roeksak djeung sangkan teu matak roeksak kana barang-barang noe sedjen.
Pikeun tanda jen geus ngirimkeun pakket, meunang mareuli reçu, hargana 5 sen.
POSTWISSEL
Ongkos wissel di Hindia
Panggěde-gědena harga postwissel noe beunang dikirimkeun:
Postwissel biasa pikeun di Hindia f 1000.— Postwissel kawat pikeun di Hindia f 500.— Postwissel biasa djeung poswissel kawat pikeun ka loear tanah Hindia f 480. Postwissel anoe dikirimkeun ti hulppostkantoor teu meunang leuwih ti f 250.—
Lamoen oerang hajang njaho, naha eta kiriman teh. gens katarima koe noe dikirimna, tambah bae ongkosna 121/2 sen deui djeung dina wisselna tea koedoe ditoelisan „B.v.b.” (Bericht van betaling). Postwissel2 teu meunang ditjokot deui lamoen oemoerna geus leuwih ti 2 taoen, diitoengna ti poëan eta wissel dikirimkeun.
Wissel noe hargana:
f 25.— atawa koerang. . . 121/2 sen
ti f 25.— něpi ka f 50.— 25 sen
ti f 50.— něpi ka f 100.— 50 sen
Saleuwihna pikeun oenggal-oenggal f 50.— ongkosna koedoe ditambah 25 sen deui. ||
Ongkos wissel ka loear Hindia
Něpi ka f 25.— . . . . . 25 sen
ti f 25.— něpi ka f 75.— . 50 sen
ti f 75.— něpi ka f 100.—. 621/2 sen
ti f 100.— něpi ka f 200.— . f 1.125
ti f 200.— něpi ka f 300.— . f 1.625
tï f 800.— něpi ka f 400.— . f 2.125
ti f 400.— něpi ka f 480.— . f 2.625
Pikeun atawa ngaliwat ka Australië, tanah Inggris, Hongkong, Malaka djeung Amerika oenggal f 10.— atawa sabagianana ongkosna 15 sen.