Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/51

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

AANGETEEKEND.

Soerat, kartoe pos, drukwerk, document, monster, verhuiskaart (kartoe pindah) djeung salianna, anoe dikirimkeun koe pos ka sakoeliah Hinaia, meunang dikirimkeun koe aangeteekend. Pikeun ka nagara loearan loba těmpat-těmpat anoe diiwalkeun, oepama kota-kota di tanah Hedjaz (Djidah, Měkah dj.s.t.). Ongkos aangeteekend hidji-hidjina 20 sen; lamoen eta soerat aangeteekend tea leungit koe pos, koe pos bakal digantian f 25.—

Kiriman aangeteekend anoe aja hargaan noe baris dikirimkeun di sakoeliah tanah Hindia, beunang oge hargana tea ditoeliskeun dina amplopna, sangkan dimana ḳadjadian eta kiriman leungit bisa digantian hargana. Tapi lamoen něrangkeunana leuwih tina harga noe saĕnjana, eta hak meunang paroe-roegi tea leungit .Ongkos kiriman noe saroepa kitoe hĕnteu beda djeung ongkos aangeteekend biasa ngan koedoe ditambah 10 sen deui aina oenggal-oenggal f 150.- atawa koerang ti sakitoe. Hidji-hidjina aangeteekend noe make harga teu meunang leuwih ti f 5000.― djeung lamoen dikirimkeunana ti hulppostkantoor atawa ka hulppostkantoor teu meunang leuwih ti f 250.

Hargana eta kiriman koedoe ditoeliskeun dina amplopna loehoereun adresna eta soerat koe angka djeung koe aksara, sarta eta toelisan teh teu beunang ditjoret atawa dipoepoes.

Lamoen oerang arek menta ganti lantaran kiriman oerang tea leungit, teu meunang liwat ti sataoen ti poëan eta aangeteekend tea dika-poskeun.

Soerat aangeteekend anoe make „aangegeven geldswaarde”, ti toekangna koedoe dilak sarta ditjap, reana tjap ělak noeroetkeun koemaha gědena amplop, biasana sok 5 tapi anggangna eta ĕlak teu meunang leuwih ti 7 c.m., nja kitoe deui lamoen prangkona tea leuwih ti hidji, anggangna tina prangko kana prangko deui teu meunang koerang ti 1 c.m.

Lamoen narima kiriman anoe hargana leuwih ti f 150.― njokotna teu meunang wakil, koedoe ditjokot koe sorangan ka kantor-pos.

Soerat-soerat panggilan ditandana koedoe koe mangsi.

EXPRESSE RESTELLING.

Lamoen kiriman oerang hajang gantjang dikirimkeunana, beunang dikirimkeun koe expresse bestelling. Noe beunang di-

― 34 ―