Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/55

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

II. Sětat pikeun neangan poěna tanggal 1 boelan Walanda.

Ahad Sěnen Salasa Rěbo Kěmis Djoemaah Saptoe
1961 p 1962 p 1963 p 1964 p 1965 pn 1966 pn
1967 pn 1968 pn 1969 w 1970 w 1971 w 1972 w
19.3 kl 1974 kl 1975 kl 1976 kl 1977 m
1978 m 1979 m 1980 m 1981 p 1982 p 1983 p
1984 p 1985 pn 1986 pn 1987 pn 1988 pn
1989 w 1990 w 1991 w 1992 w 1993 kl 1994 kl
1995 kl 1996 kl 1997 m 1998 m 1999 m 2000 m

Taoen noe bilanganana teu tijplěs dibagi 4, disěboetna taoen pondok, oemoerna 365 poë, ari noe tijplěs dibagi 4, disěboetna taoen pandjang, oemoerna 366 poë. Tapi lamun bilanganana tea tijplěs dibagi koe 100, nadjan koedoena pandjang oge sok didjadikeun taoen pondok, ngan lamun bilanganana tea tijplěs dibagi koe 400, kakara didjadikeun taoen pandjang. Taoen 1800, 1900, 2100 oepamana, eta taoen pondok, lantaran tijplěs dibagi 100 djeung teu tijplěs dibagi koe 400; tapi taoen 1600, 2000, 2400 kabeh taoen pandjang, lantaran bilanganana tea tijplěs dibagi koe 400, nadjan dibagi 100 tijplěs keneh oge.


Lamoen oerang hěnteu njaho kana djalan noe rek diliwatan, koedoe nanjakeun ka noe geus njorang.

― 38 ―