8. KAMADJOEAN POSTSPAARBANK
Saha pidjalm aeunana nee teu boengangang hatena nendjo paoesahaanana madjoe, lantaran tjita-tjitana noe dipiangĕn beurang-peuting bakal tinĕkanan?
Saha noe teu boengah nendjo pagaweanana teu nalapoeng?
Dina taoen 1928 “beuki tambah loba bae oerang Priboemi noe njengtjelengan di Postspaarbank ditimbang djeung dina taoen 1927. Katjida matak gede hatena, da saenjana mah Postspaar bank teh woengkoel pikeun oerang Priboemi bae.
Dina taoen 1928 geus ngaloearkeun 22 000 siki boekoe tjeng-tjelengan anjar ka oerang Priboemi, hartina dina taoen eta aja 22 000 oerang Priboemi ngadon njengtjelengankeun doeitna pasesaan saoetak-saeutik tina paoesahaanana, boh adjangna sorangan, boh keur anakna.
Noe njengtjelengan teh tangtoe teu saroea karĕpna, tapi sanadjan koemaha bae, eta teh hidji tanda jen maranehanana geus boga karĕp sorangan noe kakoeatanana tangtoe leuwih gĕde batan ti noeroetkeun kahajang batoer.
Masing-masing pada njengtjelengan sakawasana. Lamoen didjoemblahkeun doeit tjengtjelengan maranehanana teh aja f 4.768000 datang ka dina tanggal 31 December 1928 djoemlahna doeit simpĕnan noe diteundeun koe 213.500 oerang Priboemi aja f 7.215.000; njaeta sanggeus dikoerangan koe doeit simpenan noe dipenta deui koe maranehanana.
Dina taoen 1927 Postspaarbank ngabagikeun 19.000 boekoe tjengtjelengan anjar ka oerang Priboemi sarta djoemlahna doeit noe ditjengtjelengankeun a ja f 4.200.000. Dina katompernakeun taoen eta aja 198.000 oerang Priboemi noe njengtjelengan, demi doeit simpĕnanana djoemlahna aja f 6.400.000.
Ana kitoe tetela oerang Priboemi teh beuki lila beuki tambah ngarti kana goenana Postspaarbank teh. Geus kahartieun jen Postspaarbank teh djang maranehanana. Nja kitoe deui Postspaarbank oge teu weleh-weleh oesaha pikeun ngagampangkeun ka noe njengtjelengan.
Di oerang teh ngan aja hidji Postspaarbank, teu doea teu tiloe, nja eta noe di Weltevreden tea? barang oeroesanana djeung pagaweanana sakitoe gedena sakitoe reana, djadi tangtoe pisan moal katanagaanana teh, Soemawonna lamoen oerang ngingĕtkeun kana kapěrloean oerang Tanah Sgibrang mah lantaran sakitoe