Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/62

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

djaoehna ka Weltevreden teh, koe soesoeratanana oge geus rea tempo noe kapitjeun, meureun matais ngawaloeratkeun maranehanana.

 Koe lantaran eta Postspaarbank teh pěrloe ngabogaan Agentschap pjkeun ngoeroes administratie dina wewĕngkon noe geus ditangtoekeun. Ajeuna geus boekti Postspaarbank teh madjoe sarta kataksir bakal kadada lamoen ngajakeun Agentschap teh, djadi adjamanana noe geus lila dipiangĕn-angěn teh bakal kalaksanakeun. Nja dina taoen 1928 geus diboeka Agentschap di Makasar.

 Ieu kantor pikeun oerang Sĕlebĕs, oerang poelo-poclo noe di sawetaneunana djeung pikeun oerang poelo-poelo sawetaneun poeIo Lombok. Djadi eta kantor ngoeroes adm inistrate boekoe tjeng-tjelengan oerang Priboemi těmpat-tĕmpat noe kasěboet bieu.

 Oeroesan noe patjantel djeung Postspaarbank ajeuna mah beuki tambah gampang ngadjalankeunana, sabab koe lantaran geus diajaan Agentschap tea, oerang dinja bisa ngoeroes pěrkarana kalawan pitoeloeng eta Agentschap bae, teu tjara baheula lamoen rek njokot doeit tjengfcjelengan teh koedoe njoeratan heula ka directie di Weltevreden, ajeuna mah tjoekoep koe dipenta ka kantor agent di Makasar bae. Samemeh diajaan kantor agent, lamoen menta doeit tjengtjelengan teh lila bisana katampa, teu tjara ajeuna, teu koedoe noenggoe lila-iila.

 Lamoen aja noe rek menta katěrangan naon-naon tjoekoep koe njoeratan ka Agentschap bae teu koedoe ka noofdkantoor di Weltevreden.

 Moal boa eta Agentschap teh katjida mangpa'atna pikeun djalma rea sarta ngahampangkeun kana pagawean Postspaarbank. Djadi moal salah deui Postsnaarbank teh bakal nambahan reana agentschap saperti noe di Makasar tea.


Awewe bĕnĕr tara hajangeun lakian doea kali.

- 43 -