NGADAMĚL BOEBOER
MAIZENA DURYEA
¼ liter soesoe, oejah saeutik, 2 sendok makan Maizena Duryea. Eta soesoe teh ditaheur doegi ka ngagolak, němbe didjait. Tipoeng Maizena anoe kenging ninjoeh koe tjisoesoe tiis, ditjitjikeun kana tjisoesoe noe kakara didjait tea, tapi oelah oedjoeg-oedjoeg bro bae, kědah saeutik-saeutik bari digoeis. Saparantos kitoe ditagogkeun dina loehoer seuneu anoe oekoer bae hoeroeng. Tĕras goelaan koe goela naon bae, goela goenoeng sae, goela pasir sae, atanapi koe sirop paneli oge sae. Eta boeboer teh němbe didjait oepami parantos kěntěl sarěng raosna tipoeng parantos itjal pisan; kenging oge ditjampoer koe beubeureum ĕndog kenging ngopjok, kitoe oge oepami sěněng.
Biskoeit aralit
Toeangeun waktos ngaleueut teh.
180 gr. Maizena Duryea, 200 gr. tipoeng tarigoe, 100 gr. mantega, 40 gr. goela, ragi sasendok, ĕndog sahidji, 1 dl. soesoe, oejah saeutik.
Mimitina noe diadonan teh nja eta: Maizena, tipoeng tarigoe, goela, oejah sarĕng ragi, parantos kitoe němbe ditjampoeran koe mantega.
Ngopjok ĕndog, tĕras tjampoeran soesoe, tidinja adoek sareng tipoeng anoe tadi tea, sing dongkap ka eta adonan teh kenging dikeureutan.

Soepaja oelah rapět talĕnnana kědah diawoeran tipoeng tarigoe, sok teundeunan adonan, tĕras dileak sing doegi ka ipis ladjĕng tjotjogan koe garpoeh, saparantosna tĕras potongan koe tjitakan anoe boeleud atanapi noe pasagi opat. Pameuleumanana kědah dioelasan heula koe mantega, saparantosna panas pisan němbe eta pikoeëheun dilěbětkeun kana pameuleuman sing dongkap ka konengna.
Djodjongkong

2 gělas pait Maizena Duryea, ditjampoer sarěng tjipati entjer, tjai soedji atanapi tjai pandan, oejah saeutik, saparantos kitoe tĕras digodog bari digoeis doegi ka kĕntělna. Tidinja dipintjoekan kee daoen tjaoe, saboengkoesna doea sendok. Dilěbět adonan noe dipintjoek tea diteundeunan goela goenoeng sareng tjipati saeutik, tĕras diseupan sakĕdap.