Taart-biskoeit teu nganggo mantega
(Kanggo gěněpaneun atanapi dalapan oerangeun)
|
5 siki ĕndog, 250 gr. goela, 375 gr. Maizena Duryea, 2 sendok teh ragi. Ĕndog dikopjok, saparantosna ditjampoeran goela, kintěn 20 měnit lamina. Maizena ditjampoer sareng ragi, těras diajak, kenging ngajak diadoek sareng ĕndog kenging ngopjok tea. Tjitakan koeěhna kědah dioelasan heula koe mantega, němbe dieusian adonan, seuneu pangbakaranana kědah sěděng, sakintěn tiasa asak di lěbět sadjam.
|
Nagasari Njandak Maizena Duryea saeutik, tjoer tjitjian tjai, tĕras diadoek sing doegi ka djadi adonan noe kěntěl. Eta adonan dianggo moelĕn tjaoe sakeureut sarĕng goela saeutik. Saparantosna diboengkoes koe daoen tjaoe, tĕras diseupan.
|
|
|
Botersprits 3½ ons goela, 10 siki ĕndog (beubeureumna woengkoel), 5 ons Maizena Duryea, 2 sendok makan soesoe kaleng, angkrek sameudjeuhna. Těras diadoek sing doegi ka djadi adonan noe kĕntěl, saparantosna lěbětkeun kana angsret, toeloej angsretkeun sarĕng potongan. Ngabakarna dina kaleng noe kenging ngoelasan koe mantega sareng saena oepami aja mah, kědah dina oepěn.
|
Di dieu teu tiasa ditataan sadaja koeëh-koeëh noe kenging didaměl koe Maizena Duryea, djalaran seueur teuing roepina. Langkoeng oetami oepami arandjeun maroendoet boekoe masakan, ĕngke tangtos baris dikintoenan.
GEO WEHRY & Co.
Batawi, Samarang, Soerabaja, Tjirěbon, Tjilatjap, Makassar, Padang, Palembang, Pontianak, Bandjĕrmasin, Medan.