14. HAL PANGADJINA DOEIT NAGARA SEDJEN.
Harga doeit nagara sedjen noe kasěboet di handap ieu, sakabehna harga doeit anoe ditětěpkeun dina oendang-oendang nagara nja eta anoe sok diséboet „harga nominaal” atawa „nominale waarde” tea.
Děmi inane eta nominale waarde, kieu: Oepama oerang njokot oeang-mas Inggris sahidiji, anoe sok disěboet pondsterling atawa sok dipondokkeun pond tea; eta doeit pek koe oerang diléboer; meunang ngaléboer didjadikeun deui oeang-mas, tapi oeang-mas oerang; ajeuna oerang boga oeang-mas oerang anoe harga f 12.—
Djadi hidji pondsterling teh hargana di oerang f 12.—
Tapi oepama poepoeton tina pondsterling tadi tea koe oerang didjoeal goeloentoengan, pajoena hěnteu atjan poegoeh f 12.—, kadangkala koerang ti sakitoe, kadangkala leuwih, noeroetkeun koemaha harga ěmas di oerang bae. Oepama di oerang noedjoe mahal ěmas, pajoena poepoeton tadi tea tangtoe leuwih ti f 12.—; tapi oepama noedjoe moerah mah tangtoe koerang tina f 12.—. Harga pondsterling anoe noeroetkeun harga ěmas di oerang, eta disěboetna harga saěnjana atawa reěele waarde.
Harga reěel goemantoeng kana roepa-roepa pěrkara, koe sabab eta langka anggěr. Meh saban poé bae naek-toeroen. Dina soerat-soerat kabar sok ditjaritakeun naek-toeroenna harga reěel tea oengal poě, disěboetna koers. Daptar doeit anoe aja di handap ieu, eta noeroetkeun koers di Batawi dina tanggal 21 Mei 1917.
DOEIT MĚKAH
Koe pamarentah Hedjaz ajeuna geus dikaloearkeun doeit anjar disěboetna „Real ‘Arbi Sa‘oedi”.
Dina tjapna eta doeit aja aksara Araban anoe kieu oengělna:
„Malik al Hedjaz wa moelhagqatiha.”
Di těngahna:
„Abdoe’laziz bin Abdoe’lrahman Alsa‘oed, sarta make gambar pědang djeung tangkal korma.” Tjap anoe sabeulah deui kieu oengélna:
„Ral ’Arbi Sa‘oedi Makkah al moekaramah 1346.”
Eta doeit mimiti dikaloearkeunana tanggal 1 Sja’ban 1346.