Lompat ke isi

Kaca:Warnasari.pdf/147

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

6

katjida, malah poetri raosna geus poendjoel, tina noe sedjenmah teu bogaeun samping kitoe.
 Lila-lila oerang loewar mareuli samping noe tjara kitoe, tina kabaritaeun koe poetri Bijangka, geus reja menak loewar, sakoer noe baroga doewitmah, meuli samping tjara kitoe.
 Sanggeus kitoe poetri tingalijeun jen istri-istri menak noe reja geus pada make sindjang noe tjara kitoe, tidinja andjeunna bosěn kana eta sindjang, tina geus pada boga.
 Poetri bingoeng deui ngamanahan panganggo hajang poendjoel ti batoer.
 Tidinja prak sindjang teh dianggo ladjěng poetri aměngan deui ka sisi tjai tjara sasari; ari soemping ka sisi tjai, laoek tingsoesoewoek tingaratjlěng, nendjo sindjangna poetri, maroekannana goenoeng tjai.
 Kitoe deui poetri soeka manah tetela jen aloes sindjangna, poelasna njěples pisan tjai, boektina datang ka laoek njalampeurkeun. Tapi geus sakitoe sidik jen aneh sindjangna, poetri keukeuh bae hajang deui anoe sedjen, tina sabab teu kěrsa saroewa djeung noe sedjen. Pek poetri hoemandeuar: Eh, Allah, koemaha koering hajang teuing boga papakejan noe aneh!
 Kadenge deui koe aki toekang ngoeseup teja, pok deui ditaros: Naha gamparan geus hoemandeuar deui, apan eta geus nganggo sindjang sakitoe aloesna, hajang naon deui? Poetri ngawalon: Lah aki, poegoeh ijeu sampingteh aloes, tapi koela geus bosěn, tina geus sarereja teuing, djadi teu aneh, noe matak koela hoemandeuar, soesah teu boga samping noe aloes pakejeun pesta, heg ama rek pesta ngandongan para radja!
 Tjarek aki toekang ngoeseup: Eh kitoe-kitoe baemah