Lompat ke isi

Kaca:Warnasari.pdf/150

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
9

Poetri boengah katjida manahna tina geus meunang deui pitoedoeh, pek andjeunna ngalaan kangkaloeng ĕmas, dipasihkeun ka aki toekang ngoeseup, boeroehan mere pitoedoeh.

Sanggeus kitoe ladjĕng moelih, ari soemping pok deui sasaoeran ka iboena, moendoet sindjang noe siga panon-powe, koe iboena ditoeroet bae sakahajangna, taja noe dipoengpang.

Ladjĕng deui prameswari oendjoekan ka Radja jen nji poetri hajang sindjang noe siga panon-powe, kitoe deui koe Radja ditoeroet bae, ladjĕng Radja nimbalan deui njaoer toekang njijeun soetra noe sasari.

Teu lila noe disaoer geus datang pok Radja nimbalan: Sarehna poetri hajang sindjang noe siga panon-powe, sarta koedoe digĕntakkeun!

Toekang soetra oendjoekan, pokna: Abdi bisa njijeun, nanging teu gadoeh bahanna! Timbalan Radja: Naha koedoe make naon? Walon toekang soetra: Kĕdah nganggo bĕnang ĕmas doekět !

Timbalan Radja: Eh gampang teuing sakitoe mah, da ĕmas mah moerah didijeu, sabaraha bae pimakejeunnana kop njokot oewang emas, sapoeloeh pĕti, asal dipanggĕntakkeun bae.

Toeloej toekang soetra goera-giroe moelang, bari mawa oewang ĕmas, sapoeloeh pěti pek dirěmpoegkeun, pada njagap pada migawe, teu lila anggeus.

Teu kira-kira aloesna, matak serab anoe nendjo, njĕples pisan panon-powe, bahanna; toeloej disanggakeun ka Radja; barang Radja ningali kaget katjida sarta njaoer dina manah: Nja pintěr katjida noe njijeunteh, djeung teu njana poetri njaho di noe aloes, nja pantĕs bae hajang oge, tjatjakan aing moen ngora keneh meureun make.