Lompat ke isi

Kaca:Warnasari.pdf/156

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
15

koemaha akalna soepaja datang ka kalakon, broek bae teu damang bawaning koe kalělěban.

Tidinja kaoeninga koe prameswari djeung koe Radja jen poetri teu damang, ladjĕng Radja nimbalan njaoer doekoen noe pangbisana, dipiwarang ngalandongan djeung njampe nji poetri.

Doekoen-doekoen euweuh noe bisa ngadamangkeun, Radja beuki tambah soesah manahna, tina poetri beuki wales teu damangna djeung euweuh noe bisa ngalandongan, euweuh noe bisa njěboet-njěboet atjan naon kasawatna poetri.

Ladjĕng Radja njaoer doekoen ahli noedjoem geus datang, pek koe Radja ditimbalan ngalandongan poetri, ari dilajad djeung dirampaan teu poegoeh kasawatna, ngan panginten abdi kawas-kawas kalělěban, hajang-hajang koelit kalde kagoengan goesti, noe sok ngisingkeun oewang ĕmas teja!

Barang kadangoe pioendjoekna ki ahli noedjoem koe Radja, Radja běndoe barina ngalahir: Beut sok teu oemoem moestahil djalma hajang make koelit kalde datang ka gĕring mowal dibikeun koe kami!

Toeloej bae doekoen teh moelang ka imahna.

Lila-lila poetri beuki wales teu damangna, pek deui Radja nimbalan, njaoer doekoen noe pangpinterna; teu lila doekoen geus datang, toeloej poetri disampeurkeun koe doekoen, tapi doekoen teu bisaeun ngalandongan, djeung teu bisa njěboet naon kasawatna poetri.

Toeloej doekoen oendjoekan ka Radja: Poetra goesti walĕs teu damang, sareng abdi teu sanggoep ngalandongan,