tina teu bisa teu oeninga kasawatna. Timbalan Radja: Kasakit poetri kalěběban! Tjek ahli noedjoem: Poetri hajang make koelit kalde, tapi koe kami teu ditoeroet tina barang moestahil, djeung njaah kalde sakitoe njenangkeunnana dipeuntjit! Tjek doekoen: Beu! goesti kantěnan pisan, oepami kitoemah abdi pertjantěn jen poetri kalělěban; abdi oge kakara mendak kasawat sapertos poetra. Koemaha mowal bae koe goesti ditoeroet, kahajangna poetra? Timbalan Radja: Mowal! Pok deui doekoen oendjoekan: Oepami henteu ditoeroet kahajang poetra sakitoe teu kahartos katjida koe abdi; tina poetra goesti ngan sahidji, koemaha oepami nepi ka poepoesna, naha goesti mowal kadoehoeng? Sarĕng teu lingsĕm koe sasama Radja, atawa koe abdi; meureun pisaoereun Radja-Radja, atawa piomongeun abdi-abdi kijeu: Goesti njaah kana kalde batan ka poetra!
Radja ngahoeleng, ngadangoe omongan doekoen, bari ngamanah kijeu: Ah bowa ĕnja omongan doekoen, pantěs digoegoe koe aing. Radja doeloendoengdĕng manahna, saroewa bae njaahna ka poetra djeung kana kalde, tapi tina lingsěm koe bangsa sareat, maksakeun andjeun bae rek miwarang meuntjit kalde. Tidinja Radja nimbalan kapalana noe ngadjaga kalde, teu lila noe disaoer geus datang, pok Radja nimbalan: Heh mantri ajeuna kalde teh titah peuntjit, geus dipeuntjit toeloej sisit masing aloes, koelitna bawa kadijeu!
Mantri kalde ngahoelĕng sadjongdjongan, djeung ngomong djěro atina: Naha Radja ngimpen, atawa geus teu boetoeh koedoewit mana kalde dipiwarang dipeuntjit, ěh goesti koemaha abdi-abdi nja bararang tĕda? Sanggeus kitoe pek