KINANTI.
Poetri djěngkar ti kadatoen, bari nangis djěrat-djěrit, sasambat ka iboe rama, pokna naha iklas teuing, ka abdi teu ngakoe poetra, koe iboena teu ditolih.
Pok deui poetri teh njaoer: Eh iboe koemaha koering, iboe ěnggeus tega ěnja, ka koering hanteu hawatir, koemaha atoeh pětana, pilampaheun diri koering.
Ajeuna koering ditoendoeng, teu aja batoer sahidji, soemawonna diběkĕllan, ija Allah raboel alamin, estoe rama enggeus iklas, tajoh enggeus takdir koering.
Poetri sasambatna kitoe, koe iboena teu ditolih, soemaramawonna koe ramana, hanteu pisan dipěrdoeli, poetri njalira angkatna, teu njandak rentjang sahidji.
Wantoe Radja eukeur napsoe, teu eling ka poetra hidji djongdjon bae pangběndoena, manahna teu pisan lilir, poetri Bijangka geus djĕngkar, moeroeboet tjisotja bidjil.
MIDJIL.
Kĕrsa poetri rek něpoengan aki, sědjana njarijos, rek nembongkeun sindjang koelit kalde, reh tina asalna tadi, eta aki-aki noe mere pitoedoeh.
Heug sang poetri njaoer djěro ati, ěh na aki abong, mana nitah make koelit kalde, soegan temah ĕnja aki, toeloes wělas asih, ahir djadi něnoeng.
Tjik ajeuna moega-moega aki, toeloeng masing jaktos, moegi-moegi ijeu koelit kalde, koedoe dilaan koe aki, sing datang ka hasil, koelit masing oetjoel.
Koelit kalde napěl djadi hidji, nangkod dina tonggong,