Lompat ke isi

Kaca:Warnasari.pdf/165

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
24

bisa, tapi koedoe tjarita heula ka koering koemaha mimitina? Tidinja pok poetri njarijos, keur kitoe heug ipĕri teh gogoděg. Sanggeus gogodĕg, djol aja sowang bodás, bidjil tina djĕro tjai, sarta eta sowang njampeurkeun ka ipĕri djoeragannana, koe ipěri toeloej eta sowang dioesapan beuheungna.

Tidinja djol deui aja samping soetra paoel, katembong dina djĕro tjai, katingali koe poetri Bijangka eta samping, heug poetri njaoer dina djěro manahna: Leuh aloes teuing sampingteh, bagdja těměn moen aing boga samping tjara kitoe! Tapi poetri hanteu lisan sasaoerannana, toeloej deui bae tjatjarios ka ipěri lalampahannana andjeunna, lalampahan aki-aki toekang ngoeseup, něpi kana meuntjit kalde teja, sagala ditjaritakeun, taja noe kalaroeng.

Ipĕri ngadengekeun tjarijos poetri djeung heran pikirna.

Tidinja pok ipĕri teh ngomong, pokna: bagdja bae ajeuna eta aki-aki koe andjeun dikoentjloengkeun, satĕrangnamah eta lain toekang ngoeseup, estoe djalma djoeroe-těnoeng, djeung noe hasoed kana kabeungharan rama andjeun, noe matak andjeun dipipahokan datang ka ijasa njěboetkeun aloes kana koelit kalde!

Saoer poetri: Karah eta teh djoeroe těnoeng, paingan teuing moen toekang těnoengmah datang ka koela dipaparinan samar, bisa njěboetkeun aloes kana koelit kalde, atoeh lamoen kitoemah lain koela noe salah.

Ipěri naros bari seuri pokna: Poetri koemaha ajeuna aja kahajang? mangga koering sanggoep!

Poetri Biangka pikĕrsaeunnana hajang barang poendoet, tapi sotjana geus rek dipaparinan lolong deui bae djeung manahna ngan eling bae kana samping soetra