Lompat ke isi

Kaca:Warnasari.pdf/166

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
25

noe katingali tadi teja, toengtoengna pok sasaoeran: Koeringmah teu hajang nanaon ngan hajang samping soetra noe tjara kagoengan sampejan! Sanggeus poetri sasaoeran kitoe, eta ipěri lĕs deui euweuh, leungit tanpa lěbih ilang tanpa karana.

Satadina elingan Biangka, eta ipĕri pang euweuhna njokot sindjang pamoendoet andjeunna, tapi sanggeus ipĕri teu datang deui, poetri reuwas djeung sijeun ipĕri salah ngarti.

Poetri tjalik didinja baringa manahan pilampaheun, djeung ngamanahan ipĕri teja.

Keur kitoe ngadangoe sora awewe djeung lalaki, tinggarĕro pokna: „Koelit kalde! Koelit kalde! pitjeun eta koelit kalde ka tjai!“

Didinja poetri manahna sabil garětěk ka noe tinggarěro tjěpil raosna didoeroek, rarajna raos direrab, djasmani raos disiksik, tapi sakitoe deui měrěkětkeun andjeun bae, dikoemaha da geus bongan koe andjeun, ngalawan koemaha pětana, njingkahnjingkah kamana, toengtoengnamah nangis bae. Keur poetri nangis, djol sowang noe tadi djeung ipĕri teja, datang njampeurkeun ka nji poetri; eta sowang teu ngomong teu naon, djol-djol rigidig bae poetri digandong koe sowang, kitoe deui poetri, teu sasaoeran naon, kĕrsa bae dikoewa dikijeu teh.

Toeloej poetri dibawa ngodjaj, poetri geus teu poegoeh raraosannana; tina kadjaoehannana dibawa ngodjaj disagara, titingaliannana geus salin, satengah teu eling bae, něpi kana hidji poelo gěde pisan, didinja etjagkeun koe sowangteh bari pok sowangteh ngomong: Tah poetri ajeuna geus nepi kadijeu sarta salamět, tina koering bejak hawatir dibelaan hese tjape noeloeng ka gamparan djeung