Lompat ke isi

Kaca:Warnasari.pdf/167

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
26

salamětna, da reja oge abdi-abdi rama gamparan, geuning taja noe bela!

Walon poetri: Beu reboe-reboe noehoen sampejan geus noeloeng ka kaoela, hanteu koerang-koerang kaoela njanarimakeun, balik-balik kaoela mowal bisa malěs kanjaahan sampejan!

Pok deui sowang teh ngomong: Koeringmah kasijeun teh gamparan koerang tarima atawa salah tampa, geura mangga manah koe gamparan, ĕnja oge gamparan poetra Radja, da ajeunamah keur diparĕng kijeu teu aja anoe bela, mana ajeunamah panoehoen koering koedoe geura babalik manah, ajeuna koe koering rek ditinggalkeun didijeu dina poelo, koedoe nejangan djalan kasěnangan noe matak moeslihat kana salira; gamparan teu kagoengan panganggo kadjaba ti koelit tina kabodowan gamparan, bareto djoeragan koering rek noeloeng manghiroepankeun deui kalde, soepaja gamparan teų aja pamoendoet, da rěsep nganggo koelit kalde.

Saoer poetri: Koemaha atoeh pětana akalna, soepaja ijeu koelit kalde bisa oetjoel tina awak koela? Walon sowang: Aja pisan pětana akalna, tapi koering teu kadoega ngabedjakeun, tina teu aja timbalan djoeragan koering. Keur sowang ngomong ngahatoeranan poetri teu eureun-eureun nangis, tina bawaning kadoehoeng tadi hanteu aja pamoendoet ka ipěri teja, anggoer kabitaeun deui koe samping aloes, djeung poetri njaoer didjěro manah: Naha ijeu sowang běnĕr-běněr teuing omongannana, kawas lain sowang bae, tajoh ijeu lain sasowang-sowangna, wadjib koe aing ditoeroet papatahna, soegan bae manggih lantaran rahajae.

Sanggeus kitoe sowang ngomong deui: Poetri ajeuna koering rek toeloej didowakeun bae.