bae teu pisan njaoer sakětjap-kětjap atjan, hajang oge sasaoeran měrěkětkeun andjeun bae, sok sijeun salah saoerna heug bae ĕngke meunang deui siksaan.
Ipĕri karoenjaeun ka poetri tina geus lawas njandang sangsara, pok ipĕri ngomong: Ajeunamah eta bae koelit kalde oerang laan heula. Toeloej dilaan koe ipěri, adjaib eta koelit kalde djol-djol golosor bae teu hese teu naon, kawas noe ngalaan badjoe bae. Poetri soeka manahna koe bawaning soeka toeloej ngawih noe matak kasmaran.
ASMARANDANA.
Noehoen ka Raboelalamin, reh panĕda geus laksana, moliwat ti kijeu bae, kasoekaan kaboengahan, taja pisan hinggana, koering soekoer ka jang agoeng djĕmbarna ka noe noeloengan.
Tiwatĕs ajeuna koering, sědja djandji kasampean, mitjeun lampah anoe goreng, tina saniskantěn lampah, koe koering geus karasa, noe moeloes matak rahajoe, noe goreng matak balangsak.
Pikir koering taja deui, anoe djadi kagorengan, ngan sok hajang poendjoel bae, pake sok ĕmboeng saroewa, ahir koering didodja, agoeng koe Goesti jang agoeng, djěmbar koe pada kaoela.
Ajeuna pihatoer koering, langkoeng noehoen ka sampean, reh geus oetjoel koelit kalde, ajeuna atoeh soemangga, oerang ka nagri rama, didijeu taja kagadoeh, koering rek moelang tarima.
Sanggeus poetri ngawih kitoe, beuki tembong tjahjana, djeung poetri dianggowan sindjang soetra raksoekan soetra