koe ipĕri teh, atoeh beuki geulis bae, keur geulis bakoe katambah koe hade panganggo.
Kalkoen djeung sowang angonannana tingarilĕng bawaning koe hajang těgěs ka poetri, meureun ngaromong djěro atma: Karah etateh poetri geulis anoe ngangonteh? samorong teuing sakitoe bageurna.
Tidinja poetri sasaoeran ka ipĕri saoerna: »Lamoen sampean ngagoegoe kana kahajang kaoela, koela aja pamenta koe bajang dipanghiroepankeun deui kalde noe dipake koelitna koe koela tea, tina koela hajang ngalilipoer manah ama, soepaja koela meunang balik deuil Tjek ipĕri: Eh etamah gampang, sarta koela sanggoep ngahiroepan deui, tapi rasa koela hanteu hasil, kahiroepan di nagara rama ajeuna alah batan baheula.
Saoer poetri: Naha koemaha? Pok ipěri njarita: Salawasna aja kalde euweuh hidji djalma anoe daek digawe, ngan ngarĕp-ngarĕp bae tai kalde, tjoekoep kahiroepannana koe tai kalde bae.
Ti saĕnggeus euweuh kalde kakara djalma-djalma di nagara rama njaho digawe, roepa-roepa kalakoewannana, anoe njawah, anoe ngěbon, anoe dagang, noe boeboeroeh, tiharita mimitina aja doewit tamaga, doewit perak, sarta eta doewit perak gěde pisan manfaatna alah batan doewit ĕmas tai kaide teja, kitoe noe matak teu hasil kalde kagoengan rama dihiroepan deui!
Saoer poetri: Běněr atoeh ari kitoemah, leuwih hade montong dihiroepan deui kaldeteh. Tidinja ipěri papatah ka sowangna, nitah ngadjadjapkeun poetri ka iboe ramana.
Sanggeus papatah lěs ipěri ngaleungit deui asoep ka djĕro tjai.