Pok poetri sasaoeran ka sowang tea: Sowang ajeuna kami rek balik beula ka bibi djeung ka bapa tani rek amit, djeung rek njerenkeun angonan, bisina leungiteun sarta rek narimakeun kahadeannana ka kami, basa kami keur kabalangsak, dagowan bae koe maneh didijeu sabot kami kaditoe. Walon sowang: Mangga!
Ladjěng poetri moelih ngiringkeun sowang djeung kalkoen angonannana.
Barang soemping ka imahna djoeroe-tani; djoeroe-tani kaget mireungeuh toekang ngangon na bět salin roepa, djadi geulis-geulis teuing, sarta geus teu make koelit kalde. Pok djoeroe-tani nanja: Naha andjeunteh koelit kalde teja? Timana meunang sindjang djeung raksoekan sakitoe aloesna? Palangsiang beunang maling, bibi oge teu boga papakean sakitoe aloesna, lamoen beunang meuli mowal ĕnja mahi doewit beunang boeboeroeh ngangon, dipake meuli papakean sakitoe aloesna, tjik tjarita noe saěnjana ka bibi!
Ladjěng poetri njarios: Ari satrangnamah kijeu bibi: Koelateh anak Radja poendjoel sarta ama hĕntéu aja deui poetrana ngan koela pisan pribadi, sagala kahajang koela euweuh noe teu ditoeroet, djeung ama kagoengan kalde ngisingna oewang emas, djadi di nagara ama euweuh deui kahiroepannana djalma kadjaba tina eta kalde.
Ari dina hidji mangsa koela oelin ka sisi talaga, manggih hidji aki-aki noe keur ngoeseup etá aki-aki ka koela mapataban koedoe make koelit kalde.
Tina geus tarik tjilaka koela, toeloej bae koe koela disoehoenkeun eta kalde noe sok ngising ĕmasteh, bawaning njaah ama kakoela, toeloej eta kalde dipiwarang dipeuntjit sarta koelitna dipaparinkeun ka koela, sanggeus dipaparinkeun