toeloej koe koela dipake, katingali koe iboe koe ama eta koelit kalde goreng dipakena, koe koela dipiwarang dilaan oelah dipake, toeloej koe koela dilaan hanteu beunang djadi napěl, koe sarerea pada ngalaan, wěleh teu beunang keneh bae. Ama djeung iboe běndoe ka koela, něpi ka ditoendoeng geus teu diangkěn poetra; koe sabab eta noe matak koela sakijen balangsakna, ajeuna koela geus salamět deui lantarannana běrkah bibi, tadi keur ngangon kagoengan bibi; aja nini-nini manglaankeun koelit kalde, sarta mere ijeu papakean.
Bibi tani hookeun běngong bae ngadenge tjarita poetri; geus kitoe pok bibi tani ngomong: Beu atoeh agoeng-agoeng běbĕndoe moega aja hampoera agan, tina poen bibi teu oeninga noe matak dititah ngangon tina bawaning kareenja, ajeuna sadaja kalělěpatan poen bibi moegi dihampoera bae koe agan!
Djeung bibi moedji soekoer sarewoe soekoer gamparan, geus didjait tina balai pirang-pirang oja ngiring soekaboengah ĕnja oge gamparan didjieun toekang ngangon koe bibi, tapi ari rasamah teu aja bedana djeung anak pribadi, tina katěměněn kawěkĕllan gamparan beuki tambah njaahteh.
Ajeuna geus těrang bibi reh gamparan sakitoe meunang sangsara, bibi leuwih soekoer ka jang agoeng, tina gamparan pasrah kana kadar sakitoe nja njandangan sangsara teu pisan dianggo aral!
Bibi tani pangomongna sakitoe lain pisan olo-olo, atawa djedjijeunnan, estoe saĕnjana pisan, bidjil tina atina sanoebari.
Poetri nangis ngadangoe omongan nji tani, kitoe deui nji tani geus poho di kaisin bawaning koe njaah ka poetri