Lompat ke isi

Kaca:Warnasari.pdf/179

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
38

gabroeg bae poetri dirontok, poetri geus teu poegoeh raraosannana.

Baroedak anak-anakna nji tani aralohok bae ngadarengekeun tjariosan poetri djeung bari ngaloetjoer tjipanon, sarta pada maroedji soekoer ka jang agoeng tina poetri geus rakajoe, toeloej kabeh pada něda dihampoera kaloeloepoetannana.

Sanggeus lilir noe pada tjareurik pok poetri ngawalon: Eh bibi teu djadi sawios, balik-balikan koela koe bibi djeung anak bibi koedoe dihampoera tina rea-rea kaloeloepoetan koela!

Djeung pirang-pirang, noehoen rehna bibi kĕrsa miwělas ka koela sarta ngaloemajankeun dina kabodowań koela, něpi ka ajeuna manggih lantaran salamět, katěda kasoehoen pisan kanjaah bibi ka koela, moega-moega bae ka Goesti Allah mangmajarkeun kahadejan bibi!

Djeung kaoela ajeuna amit balik ka iboe, ka ama tina bareto, timbalan ama lamoen geus oetjoel koelit kalde, koela diakoe deui poetra, djeung jeu koela njerenkeun kagoengan bibi, tjangkingan kaoela kalkoen djeung sowang, moega koe bibi tarima, sarta oelah aja kakoerangannana, idin teu idin koela amit indit ajeuna, tina kaoela geus sono katjida ka iboe, djeung ka ama, mani asa geus gok bae tina geus kaheubeulan!

Bibi djoeroe-tani ngomong bari tjeurik lěwa-lěwe pokna: Beu goesti rasa bibi moegi-moegi oelah djěngkar ajeuna, ěngke bae heulaanan deukeut boelan djaoeh taoen, koe poen bibi didjadjapkeun, ajeunamah aganteh mowal didjijeun toekang ngangon didjijeun anak tjikalna bae kaoelaaneun poen bibi sareng poen anak, naon kahajang agan