mowal boeroeng ditoeroet djeung saniskantěn gagadoehan poen bibi mangga keur agan, da anak-anak poen bibimah laleutik keneh, pikoemahaeun bae nja rasa lamoen ajeuna pisah djeung agan?
Saoer poetri: Beu bibi noeloen pisan kanjaah bibi sakitoe, hanteu koerang-koerang nja narimakeun, ngan paněda koela moega-moega bibi ngamaloem, tina koela geus sono ka iboe djeung ka ama. Soegan djaga bae diparĕngkeun těpoeng deui, sareng koela mowal pisan mitjeun ka bibi.
Walon bibi tani bari loengas lěngis: Eh agan nja-di koemahakeun mangga bae atoeh, sarěng poen bibi rek ngadjadjapkeun něpi ka peupeuntasan, ari djaoeh djaoehmah taja pangintěn, tina ribrib wantoe rea anak.
Saoer poetri: Soekoer bibi, mangga atoeh!
Toeloej bae djoeroe-tani oeroes-oeroes baris njangoewan poetri, kaloewangngan doewit, teu lila geus sadija, toeloej disanggakeun ka poetri, koe poetri geus katampa sarta boengaheun katjida manahna, hidji pěrkara rek papanggih deui djeung iboe ramana, kadeewana waas koe kabageurannana djoeroe-tani tea.
Tidinja ladjěng poetri djěngkar didjadjapkeun koe djoeroe-tani djeung koe anak-anakna, teu katjatoer didjalanna, tjatoerkeun gantjangna bae geus něpi kana sisi basisir noe aja sowang ipĕri tea. Didinja pok poetri sasaoeran saoerna; Bibi ĕnggeus něpi kadijeu bae karoenja koe baroedak tjapejeun!
Tjek bibi tani Soemoehoen agan něpi kadijeu bae, lain teu mělang, koemaha atoeh da ijeu baroedak hanteu beunang ditinggalkeun ari dibawa ridoe, mangga agan didowakeun bae koe poen bibi, sing salamět didjalan, djeung moega agan oelah lali ka poen bibi!