Lompat ke isi

Kaca:Warnasari.pdf/191

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
50

rakana diatoer, ajeuna adi-adi naek pili gěnti kana ijeu kai nendjowan bandera tea, ĕngkang heula mimitina, sabasaha noe teu keur giliran naek, oerang balangsijar neangan hakaneun. Tětěp kitoe atoerannana, djeung salawasna aja didinja kitoe bae kalakoewannanateh.

Geus meunang sawělas powe tatjan aja keneh bae banderateh, kaběněran eukeur giliran Binjamin naek, raka-rakana geus djalěngkar balalangsiar, tinggal Binjamin njalira tina keur giliran naek. Teu lila kalatjat naek kana kai tea loewak-lijeuk aja bidji bandera beureum, katingali nja eta tjiri kagoengan saderek istri.

ASMARANDANA.

Barang Binjamin ningali, ka bandera beureum tea, langkoeng-langkoeng kagetnateh, eling ka woeroek iboena, heug njaoer djěro manah, ja Allah Goesti jang agoeng, ajeuna něpi ka kadar.

Geus papasten diri koering, koelak tjanggeum bagdja awak, koering ĕnggeus tangtoe paeh, paeh disiksa koe bapa, bapa asih-asihan, njaah ngan ka poetra boengsoe, njawa aing pileuleuijan.

Ja Allah Raboelalamin, noe sipat rahim djeung rahman, koering pasrah ka papasten, geus kěrsaning Goesti Allah, awak njandang sangsara, ĕngkang-ĕngkang geura tjoendoek, koering gadoeh papanggihan.

Binjamin loengsoer tina kai, salirana leuleus, tina bawaning nalangsa, toeloej tjalik di handapeunnana bari ngantosan saderek; teu lila djěboel saderek-derekna saroemping; barang saroemping pek Binjamin njarijos: Tadi koering naek