boetbat djalan, disisian koe djoedjoekoetan, djaba ti ngome pakarangan ngaboema, sakadar tjoekoep dahareunnana, dipělakan djoekoet anoe beunang didahar sikina, ngingoe sato-sato manoek-manoek, oentjal djeung měntjěk didjijeun sato tjoo, hajam alas minangka hajamna bangsa waliwis minangka měrina, oentjal měntjěk minangka dombana, lěmboe didjadikeun sapina. Adjag djadi andjing geureuh, tjareuh djadi oetjingna, ana anakan beuki lindeuk bae, beuki leungit adat sato leuweung tambah rakět ka manoesa. Kasintoe lindeuk diboeroewan isoek isoek kongkorongok, tikoekoer ĕngoek-engoekan, heona heheotan, adjag teu tinggal manting.
Poetra-poetra Radja beuki tambah akal, njijeun pakakas djeung panganggo satimoe-timoe kapaksa koe kaboetoehna. Manahna barětaheun pisan geus taja elingan njingkah deui, noe didamel sěsěpoena njaeta noe tjikalna tea, ditoeroet sagala atoerannana.
Waktoe para poetra keurna di nagara keneh, sok ningali djeung ngadangoe rama, sok masamowan mirĕmpag pĕrkawis, andjeunna ngadamel deui kitoe sagala dipirěmpag heula.
Toenda anoe keur mabakan katjarita poetri saderekna tea geus ageung, sarta geulis katjida děděgna, meudjeuhna hanteu djangkoeng hanteu pěndek, hanteu gěde, hanteu leutik, koelit ěnaj kawas tjaoe ěmas asak, taarna tedja měntrangan, nja iroeng koewoeng-koewoengan, nja pipi katoembirijan, halis kawas djěler paeh, waosna goela goemantoeng, sotja seukeut djeung tjoereuleuk, bitisna djaksi sadjantoeng, taklak lir taradjoe ěmas, ramo mětjoet tjara poetjoek eurih, ramboet pandjang pateuh lontar, estoening geulis taja tjatjadna, hade roepa hade lampah, hade oetjap djeung pasěmon, ampoeh loenggoeh gĕde elmoe, berboedi rea pangarti, di nagara eta