Lompat ke isi

Kaca:Warnasari.pdf/195

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
54

kabeh pada noeroetan tingkah polahna njai poetri, rea wandoe noe kairoet, rea boedjang noe kagěndam, awewe oge kapelet, koe iboena dianggowan bintang tjitjiren pidjadijeun Radja.

Dina hidji waktoe poetri ningali kana almari bět aja ka medja lalaki noempoek reana doewa wěłas, toeloej poetri naros ka iboena. Iboe kamedja saha ijeuteh anggowan amamah aloeh leutik teuing? Iboena ngahělas ngadangoe saoer poetri: meh-meh kapioehan eling ka poetrana noe keur ngalalana tea, ari geus rada lěmpĕr meueusan manahna, seug ngawalon: Njai ijeu kamedja anoe doeloer maneh! Poetri naros deui: Dimana atoeh ajeuna doeloer koering, anoe doewa wĕlasteh? Koering geuning tatjan těpang, salamina tatjan ngoeping tjarios-tjarios atjan, iboe kagoengan deui poetra kadjawi ti koering? Saoer iboena: Eh njai teu njaho dimana ajana djeung teu njaho hiroep atawa geus paeh, tingaliděr bae leuleuweungan, teu poegoeh noe didjoegdjoeg! Toeloej poetri diljandak ka pangkeng anoe dieusi tamběla djeung parabot majit, saoer iboena: Tah ijeu njai tamběla njadiakeun doeloer-doeloer maneh, tatapi ajeuna doeloer maneh maringgat, tina bawaning sarijeun, euweuh hidji djalma noe njahoweun kamana losna, toeloej ditjarioskeun sakoemaha pikěrsaeun ramana tea. Poetri kaget ngadangoe tjariosan iboena, toeloej bae amitan: Iboe ajeuna koering amit rek neangan doeloer-doeloer koering tea, tina koering watir djeung hajang oeninga bae di doeloer! Iboena teu ngidinan, tina sijeun koe Radja, djeung mělang, wantoe poetra istri ngan sasiki, saoer iboena: Keun bae njai montong diteangan, bisi diseuseul koe ama, heug bae měngke běndoe ka iboe, wondening njai hajang papanggih djaga bae soegan parĕng aja oemoer! Keukeuh noe amit, kenkeuh noe teu ngidinan, toengtoengna los bae minggat bari