njandak kamedja raka-rakana tea. Angkatna njalira bae, teu njandak rentjang sahidji, ṇikreuh bari ngelek-ngelek kamedja, teu eureun angkat beurang djeung peuting, toeroen goenoeng oenggah goenoeng, henteu rea noe dimanali, estoe pasrah ka noe agoeng ngambangkeun ka noe wisesa, tina bawaning hajang geura gok těpang djeung saderek; noe ditoewangau boewah-boewah noe di leuweung bae, noe dileueut ngan tjai atah herang.
Barang něpi ka leuweung anoe dieusi boemi saderekna tea, didinja poetri peutingeun djeung powekeun, toeloej njampeurkeun ka noe tjaang-tjaang, beh aja boemi leutik, heg poetri ngětrokkeun pantona, teu lila aja boedjang noe moekakeun panto, barang braj panto moeka, boedjang kaget ningali poetri hari naros: Rek kamana djol-djol kadijeu peuting? Oerang mana? Rek naon noe matak datang kadijeu? Sadjĕroning mariksa kitoe Binjamin kaget katjida manahna, ningali kageulisannana djeung panganggona karadjaan bintang hoeroeng matak serab.
Poetri noe dipariksa ngawalon Koering poetra Radja poendjoel, noe mawi dongkap kadijeu, sědja neangan doeloer koering doewa wělas, oepami tatjan kapanggih mowal wěleh neangan saantero doenja, tina koering langkoeng-langkoeng hawatir sarěng sono tina salawasna koering gĕlar ka doenja tatjan pisan těpang.
Toeloej poetri nembongkeun kamedja bari njarios: tah ijeu kamedja beunang iboe ngadaměl, nja eta oeroet doeloer-doeloer koering tea, noe mawi koe koering dibantoen ijeu kamedja, soegan doeloer-doeloer koering kapěndak ijeu kamedja rek dibikeun.
Binjamin bingoeng ngadangoe saoer poetri bari njaoer