Walon nini-nini: Beu agan soesah katjida ijeu pĕrkara, taja pitambaeunnana pioebareunnana, masih ngidĕr saantero doenja oge!
Poetri keukeuh ka nini-nini mariksana: Tjik atoeh nini soegan karoenja bae ka koela, djeung soegan njaho oebar atawa tarekah, lamoen datang ka bisa tjageur deui doeloer-doeloer koela, meureun noeloeng tarima!
Tjek nini-nini: Aja agan akal tarekah, tapi bangga, Saoer poetri: Lah nini kadjeun teuing soegan bae bisa ngalampahkeun! Tjek nini-nini: Mangga! Koedoe oelah sasaoeran oelah goemoedjĕng, lilana koedoe meunang toedjoeh taoen, kakara sasaoeran atawa goemoedjĕng koedoe ĕngke dina djědjĕg toedjoeh taoen; lamoen agan ijasa ngalampahkeun kitoe Insa Allah! raka-rakana daramang deui! Sanggeus ngomong kitoe lĕs nini lĕngit tanpa lĕbih, ilang tanpa karana, tajoh lain sadjalma-djalmana.
Poetri ngamanah kana omongan nini-nini tea bari njaoer djĕro manah, bowa ijeu ĕnja papatah, koe aing hade ditoeroet, nadjan seuri ngomongge djeung saha, da euweuh batoer, leuwih hade aing noeroetkeun papatah nini, soegan ĕnja běněr papatahna.
Geus kitoe ladjěng poetri njandak kintjir, djeung asiwoeng, djoet loengsoer ti boemi ngadjingdjing kintjir angkatna sĕmoe teunangan, sotja bintit balas nangis, pasrah ka noe maha soetji, hĕnteu pisan dianggo aral, da geus kĕrsaning jang agoeng, toeloej naek kana kai noe loehoer, didinja gek tjalik bari nganteh, beurang peuting teu toewang, teu leueut, teu sasaoeran goemoedjĕngmah, soemawonna tina taja batoer, poetri djongdjon bae nganteh damělna.
Hidji waktoe aja hidji Radja ka leuweung eta, ngĕrsakeun