boeboedjĕng měntjěk, njandak paboeroe djeung andjing, aja hidji andjing angin kaasih Radja, sarta eta andjing pintĕr mangarti katjida.
Radja geus nĕpi ka palěbah kai noe aja poetri tea, andjing anginteh ngagogogan bae ka loehoer, kawas aja tetendjowannana, toeloej koe Radja disampeurkeun eta andjing noe keur ngagogogan, ari ditingali bět aja poetri dina loehoer kai, damělna keur nganteh sarta geulis kabina-bina, tjahajana mantjoer, pek dipariksa: Saha eta, djalma, atawa djin? moen djalma keur njijeun naon, didinja? Poetri teu ngawalon tonggoj bae nganteh. Saoer Radja: Tjik lamoen djalma daek miloe djeung aing? Poetri teu ngawalon koe saoer ngan inggoek bae.
Geus kitoe toeloej koe Radja ditaekan koe andjeun sarta ditjandak loengsoer, geus loengsoer dipariksa deui koe Radja: Koemaha daek dibawa ka nagara kakang, sarta dikawin didjijeun garwa pawarang, tina kakang tatjan boga pamadjikan? Poetri inggoek deui, Radja boengah kalangkoeng, tapi rada soesah koe hĕnteu sasaoeran, sakitoe deui tina bawaning koe bogoh, teu dimanah pandjang-pandjang toeloej bae dipangkon ditoenggangkeun kana koeda, ditjandak ngadoewa, tapi dikoewah dikijeuhteh wěleh bae teu pisan njaoer sakětjap-kětjap atjan.
Na aja antek ka saderek lain dikijeuna teuing, datang ka dibelaan pireu, djeung deui sakitoe pageuhna datang ka teu kagoda, mani kawas pireu bawa ti koedrat bae.
Radjateh boeboedjĕng tatjan meunang, da andjingna kaboeroe manting poetri, tapi geus teu eling kara hajang měntjěk, da geus njandak poetri geulis, toeloej bae gantjang moelih.
Teu lila geus soemping ka nagara ngadjoegdjoeg iboena;