Pek rendengan, iring-iringan, rame pisan sagala tatabeuhan, boeboeronan ngiloe iring-iringan djoli, djampana, kareta, ngaleut noe taroempak koeda. Radja panganten istri paměgět toenggang djampana aheng, djeung nganggo noe hoeroeng herang, sigěr běngkěr djeung paměněr, saloempir sarangka bitis, salohong sarang ka awak, kilat bahoe djeung kangkaloeng, anting-anting djeung soesoemping, noe kasep djeung noe geulís, geulisua kawanti-wanti, kasepna kabina-bina, matak asih noe ningali, matak njěhlak noe ningalan, matak bogoh noe nendjo, hěntěu seubeul noe mireungeul kageulisannana kakasepannana panganten; reup peuting gěr pesta rame pisan, meunang toedjoeh powe djeung toedjoeh peuting, soekan-soekan raramean bae.
Katjarita noe keur oleng panganten, saroewa pada asihna, mani kawas goela djeung peucut bae, foeloes roentoet saaleutan pisan, ka tjai djadi saleuwi, ka darat djadi salěbak, sangkilang poetri tara sasaoeran, Radja henteu pegat asih.
Geus meunang ngala ka toedjoeli taoen lilana tina saměntas nikah, mimiti aja rantjana, tina rea istri-istri, poetra-poetra menak, koelawargana Radja keneh, pada barogoheun ka Radja, tapi koe Radja teu dilajanan, djadi eta istri-istri ngangsonan ka Radja istri sěpoeh, nja eta iboena Radja tea.
Pihatoerna Koemaha gamparan teu lingsēm, kagoengan mantoe henteu poegoeh oesoel-asalna, tambah-tambah pireu, soemawonna koe tatangga mantja nagara, koe abdi-abdi soegan lingsěm, sadaja abdi noe poelang ngadeuheusan seba sewaka pada ngomong: Handjakal teuing boga djoeragan nja koering teu poegoeh asal, nja pireu, asa ngawoela ka boneka, njanghoeloe ka hoenjoer, njěmbah ka djarian.