rek disiksa, naon dosana ? Patih ngadeuheus ka Radja oendjoekan: Abdi ngoendjoekeun hoeroenan soeloeh teja parantos sajagi!
Timbalan Radja: Soekoer pisan paman patih, ari geus sadijamah, ajeunamah sakalian bae paman patih kaitoe ka imah, bedjakeun ka prameswari ajeuna rek dihoekoem, daek teu daek koedoe bae kairingkeun koe paman patih, sarta geura pek bae hoeroe oelah diĕngke-ĕngke!
Patih toeloej ngadeuheus ka prameswari, kasampak keur tjalik njalira ditĕngah boemi, prameswari kaget ningali patih, ngadeuheusan tina tara ti sasari, tapi hĕnteu lisan ngandina manah bae.
Pok patih oendjoekan djeung njoeroedoet tjipanon tina bawaning hawatir: Abditeh noe mawi doemeuheus ditimbalan koe raka, gamparan rek dihoeroe, kĕrsa teu kĕrsa timbalan raka, koedoe kairing koe abdi ajeuna pisan kana tĕgal panghoeroewan, ari abdimah ngan darma timbalan!
Poetri prameswari njěblak kaget katjida ngadangoe saoerna patih, djeung njaoer didjĕro manah: Naha naon dosa aing noe pantĕs meunang hoekoeman didoeroek, naha Radja palsoe teuing, djiga njaah, djiga saĕnjana asih, ari ajeuna bět rek njiksa teu goegoer, teu angin djol bělědag bae timbalan, ěh nja morong aja paribasa, ari keur anjarmah saoerteh amis alah batan madoe, seungit tanding kĕmbang gambir; ajeunamah geus karasa koe diri pribadi, koemaha pětana ari ngomong, da kapalang keur napaan doeloer, ari hĕnteu, da hajang nanja hajang njarita ka patih, ah bowa ĕngke digoegoe mowal omongan aing hanas keur tapa bae kagoda ajeunamah, leuwih hade pasrah bae, sakoemaha kĕrsa Radja rek diiring, tajoh geus takdir diri bagdja awak, salawasna ngan njandang