Lompat ke isi

Kaca:Warnasari.pdf/214

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
73

asalna? Koe poetra noe tjikalua gěmět pisan ditelek ti mimitina něpi ka djadi gagak, disamboeng koe poetri něpi kana andjeunna naek kana kai, tapa toedjoeh taoen mireu-mireu andjeun, mowal sasaoeran mowal goemoedjĕng-goemoedjěng atjan tina noeroetkeun pitoedoeh nini-nini teja, nja ajeuna djědjěg toedjoeh taoen.

Radja sadjĕroning ngadangoekeun noe tjatjarios hookeun bae kawas noe ngalindoer, bawaning anehna, ahengna lalampahan, bari njoeroeloek bae tjisotjana, ladjĕng ngalahir: Soekoer ajeuna geus pada waloeija moelih ka djati poelang ka asal!

Ajeuna ěngkang djangji satoetoep oemoer njai mowal dipitjeun djeung mowal dimomorekeun, sarta iboe koe ěngkang rek dihoekoen pati, diasoepkeun ka tahang noẹ dieusi oraj matih, da bongan indoeng oge goreng mawa sasab, nja eta indoeng noe ngangsonan ka ěngkangteh ngahoeroe njai!

Tidinja Radja poetri ngawalon bari njěmbah atjong-atjongan pokna: Noen goesti naha mana aja manah kitoe, sagoenoeng-goenoeng panoehoen koering oelah aja manah kitoe, abdimah oelahmoen datang ka dilampahkeunnana, koe saoerna oge geus moeringkak boeloe poendoek! Walon Radja: Mowal beunang dihalangan ĕngkangmah, ari geus geuleuh sanadjan indoeng oge da mawa salah! Ladjĕng bae nimbalan patih njadiakeun tahang dieusian oraj wělang djeung oraj lěmah. Poetri oendjoekan bari nangis: Eh goesti moega gamparan oelah didolas pikěrsaeun kitoeteh moegi lingsěm koe sasama Radja, tangtoe katjarioskeun jen gamparan moepoesan iboel Lahir Radja: Kadjeun teuing, da bongan indoeng goreng Radja poetri sěmoe sewot pok