Lompat ke isi

Kaca:Warnasari.pdf/215

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
74

oeudjoenkan hĕnteu djeung nangis tatag tetela pisan, ngahoewal-hoewalkeun oendjoekannana: Goesti naha gamparan owah akal, poetra garwa kenging digantian ari iboe ramamah teu kenging digantian, sagala agama mowal aja noe ngabĕnĕrkeun poetra moepoesan iboe rama, dina sagala agama disĕboetkeun koedoe hormat ka iboe rama, naha gamparan tara maos tjarios-tjarios? Jen pĕrloe hormat ka iboe rama, koering tatjan ngoeping pisan dina tjarios-tjarios baheula atawa tjarios djaman ajeuna aja anak maehan indoeng bapa!

Naha gamparan tatjan ngadangoe paribasa? Sagalak-galaking singa tara něda anak, djadi martabat gamparan leuwih awon manan martabat sato; tjěnděkna lamoen tjios gamparan ngaladjoer napsoe moepoesan iboe, oelah ngintěn abdi soeka dipihoekoem koe gamparan, sanadjan abdi geus kagĕgěm dina panangan gamparan, oepama gamparan teu widi abdi kaloewar, tangtoe abdi něwěk maneh alawa něda baroewang. Abdi henteu soeka noe boedina sahandapeun sato!

Sabot Radja poetri oendjoekan kitoe, Ratoe hookeun bae bari ngoetjoer tjisotjana.

Radja poetra noe doewa wělas pada miloe nangis nanggap raina, kitoe němahannana, pada ngalěm dina manahna, jen kagoengan saderek poendjoel andjeunna sami ngaraos kawon.

Nja kitoe deui patih djeung para ponggawa sarawoeh hodjo-bodjona taja hidji noe teu bidjil tjipanon, tapi repeh kawas gaang katintjak tina seukeutna omongan djeung manisna pada ngomong dina djěro ati, ijeumah istri moestika manoesa.