Lompat ke isi

Kaca:Warnasari.pdf/216

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
75

Radja njaoer deui tapi leuleuj: Engkangmah sakitoeteh sapěrkara njaah ka njai, kadoewa da poegoeh iboe salah, moenggoeh di ĕngkang da Ratoe, wadjib adil!

Diwalon deui koe Radja poetri: Raos abdi lĕrĕs iboe salah, tapi gamparan noe leuwih salah, naha Radja beunang koe woedjoek, ngahoekoem hěnteu djeung titi pariksa hěnteu ngadaměl Raad.

Lahir Radja: Kadjeun ajeunamah rek diwěwěleh bae, naha ngawoeroek salah! Walon Radja poetri: Soekoer kitoemah lěrěs pisan, tapi koedoe djeung tata krama, oelah djeung rĕgas atawa djeung soegal!

Lahir Radja Engkang ajeuna rek noeroetkeun koemaha pirěmpoeg njai, iboe sakětjap mowal aja noe dipoengpang. Ladjĕng boebaran, Radja-poetra noe doewa wělas gens dipernahkeun dina hidji-hidji kamar, tapi teu kĕrsaeun, panoehoenna sakamar bae pagoeloeng-goeloeng. Koe Radja ditoeroet sakěrsana, dipěrnahkeun dina hidji kamar gěde noe asoep doewa wělas kasoer. Radja sakalangkoeng asihna, oepama bareto sabagian, ajeuna saratoes bagian. Bareto keur pireu keneh sakitoe Radja bogohna, ajeunamah geus tjapetang sarta pintěr, raos Radja geus teu kira-kira bae.

Bareto teu poegoeh oesoel-asalna ajeuna toeroenan sasama Radja, atoeh oleng panganten liwat ti panganten tiheula.

Radja istri sĕpoeh geus ngadangoe jen andjeunna asal rek dihoekoem poepoes, diasoepkeun ka djěro tahang noe dieusian oraj wělang oraj lemah, pangteudjadina tina dihatoeranan ditĕmahan koe Radja poetri, noe pangtetela hatoeran ka Radja istri sěpoeh nja eta nji patih, ditetelakeun pisan, sakoemaha bĕndoena Radja djeung sakoemaha pamondahna sarta keukeuh Radja poetri.