Radja istri sěpoeh nangis, sapěrkara eling kana tadina bakal dihookoen koe poetra, sangět malik manahna ka mantoe, djadi njaah teu kintěn-kintěn; njaoer sadjěroning manah tina sakitoe poetri bageurna sarta pintěr datang ngaloepoetkeun pati, noe moha dipoelang asih, leuwih hade aing rek bebejakan bae sagala banda, rek dihibatkeun bae, mowal dikarikeun, tapi roegrěg keneh bae tatjan wanieun něpoengan ka poetrana, koe Radja tatjan dihatoeranan atawa dideuheusan.
Katiloe powena Radja istri sěpoeh maksakeun andjeun něpoeugan ka poetra, sarta nandakeun kabĕrsihan manah, nganggo tjara noe rek tobat, disindjang boweh diharoedoem boweh.
Barang gok ka poetrana soedjoed bari nangis, geus kitoe ngarontok ka mantoe njijoeman bari nangis, geus lilir toeloej tjalik.
Radja anom batoeran ka iboena ngawěwěleh reh iboe geus njandang lěpat mawa sasab ka andjeunna, manan ngawoeroek bageur, iboena ngawalon: Etamah mana iboe tobat tea oge tina geus roemaos salah, ajeuna iboe soempah mowal kitoe-kitoe deui, mowal kawoedjoek, djeung iboe saksian, ajeuna rek ngahibatkeun sakabeh banda iboe, sipat ĕmas perak, mirah intěn, sarta sadjaba tidinja, iboemah pake ngan tarima, make kadaharan ngan tarima něda!
Lahir Radja: Sjoekoer iboe geus balik manahmab, koering sědja njaksian! Ti harita nagara tambah rame tambah kĕrta, tina taja pitěnah, roentoet roekoen rěmpag ragěm, ka tjai djadi saleuwi, ka darat djadi salěbok.
Katjarita poetra Radja noe doewa wělas tea, geus tiloe boelan lilana di nagara eta, sabeurang sapeuting taja eureunna