taja rewang, ngan woengkoel andjeunna bae, ka doewa pěrkara taja pakakas.
Ari ajeuna tambah pintěr djeung rea djalma, da sakoer noe nganteurkeun marawa barang-barang panjangoewan rai tea, kabeh tětěp bae; eta djalma dipětakeun kana gawe pĕrloe bae, mimiti neangan waloengan tjai noe piningangeun kana pakaranganoana djeung ka těgal noe lempar, tina didinja palĕmahan aloes pisan rea waloengan tjai, noe taja pisan gawena, sabab taja djalma tina djaoeh ka nagara atawa ka lěmboer.
Koe poetra Radja noe doewa wělas pek disoesoek dikeureujeuh, koe bawaning leukeun lila-lila djadi, toeloej djalma-djalma dipiwarang ngabĕdah, dipaparin parabotna djeung balandja, tapi beubeunangannanamah dipaparinkeun bae, ngan andjeunnamal noeroet ngagaleuh bae. Lila-lila kabedjakeun ka djaoehna, jen babakan ramie gemoeh pisan, tambah-tambah rea boenijaga anjar, beuki lila beuki rame.
Diitoeng para poetra lamina kaloewar ti nagara geus meh sapoeloeh tahoen, djadi eta babakan meh tjara nagara bae, sagala pěpělakan noe galede geus baroewahan kabeh, sawah-sawah hoema geus lěga pisan, patoekangan, kanjasan, pandaj aja.
Para poetra geus ngadaměl gědong paranti masamowan, tina sabab geus rea pisan djalma, oenggal-oenggal powe aja pěrkara, anoe pasea anoe maling, nja eta sababna ngadaměl gedong pasamowan.
Poetra noe tjikal didaměl sapěrti radjana, rai-raina djaradi ponggawana, rewang ngarěmpoeg pěrkara, dina saderek noe doewa wělas eta boengsoena noe djěněngan Binjamin noe pang pintĕrna pangseukeutna, koe raka-rakana didjoengdjoeng pisan sarta diadjen.