pinoeh noe digawe, kadaharan geus sadija, ditata dina medja, wantoe marěngan keur oesoem, boewah-boewah hanteu koerang.
Ramboetan limoes kaweni, manggah bapang boedidaja, manggoe kamengteng djeung běntjoj, ramantěn doekoeh pisitan, parahoeloeh hanggasa, pirang-pirang ngoendoeng-ngoendoeng, radjěki bagdja ka semah.
Teu lila goeroedoeg soemping, radja poetra pada mapag, pahormatan langkoeng rame, goembira kabina-kabina, tapi tjampoer nalangsa, poetri loengsoer tina tandoe, bari njoesoetan tjisotja.
Kagagas manahna sědih, lampahna djaman baheula, oeroet aměngan dikěbon, soemawon ras kaelingan, lampah lantaran baja, waktoe mětik kěmbang bakoeng, manah asa ditoerihan.
Enggalna geus pada linggih, ngadjadjar dipangtjalikan, para mantri khempak mando, ladjěng pada tararoewang, dahar nimat katjida, sapedah rijoen gmoengpoeloeng, djeung dahar dina waktoena.
Roredannana geus diloengsoer, disoegoehkeun ka para ponggawa, walatra ka abdi-abdi, sanggeus narěda toeloej marěnah, sapondokna-sapondokna. Radja sarěng prameswari geus ka pagoelingan tina bangět palaj.
Barang meh sareupna garoegah, djeung sanggeus dalahar sore, ladjěng masamowan deui di pagělaran, Radja poetri ngiring masamowan, sabab rek goeněm tjatoer gěndoe raos, mirěmpag pěrkara ngadjaběl nagara.
Radja ngalahir ka raka-rakana: Koemaha rěmpoegna oerangteh, ngiběran heula atawa montong? Walon raka tjikalna: Montong oerang bokong bae, bari ngareret ka Binjamin, koemaha pirěmpoeg adi? Binjamin ngawalon: Paham koering-