Lompat ke isi

Kaca:Warnasari.pdf/232

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

91

ngoejoep gětih bae, tjiptana hajang geura prak bae djeung moesoeh adoe hareupan, taja noe boga pikir miris, dongkap kaloewar koeta, didinja liren nata balad.

PANGKOER.

Radja ĕnggeus miwarangan, ki Tamtama anoe sĕgoet beunang milih, noe godegan koemis nanggoeng, bĕrěngos boeloewan dada, anoe enggeus toeman ngabělěnggoe ratoe, djeung toeman njangkalak radja, parantina maling poetri.

Katjatoerkeun Radja anjar, ĕnggeus meunang warta ti hidji mantri, jen geus djěboel noe ngaroeroeg, aja di loewar koeta, Radja poetri geus tjarogean ka ratoe, kěrsa ngadjaběl nagara, sang Radja anjar ngalahir.

Lah aing sjoekoer katjida, beurang peuting diantos geura soemping, aing hajang geura njijoem, nimang dipangkoelěman, salakina koe aing rek dibělěnggoe, samemehna dipodaran, koe aing rek dinjěnjěri.

Enggal bae Radja dangdan, geus tarapti nganggo tjara pradjoerit, ngatja barina ngadawoeh, eh kabeh praponggawa, deuleu aing těgěp kasep bari segnet, ngora taja katjatjadna, geura koe maneh talaksir.

Noe toekang ngolo oendjoekan, atoeh poegoeh mowal aja noe nanding, sang poetri meureun kairoet, Radja ladjĕng ngalĕnggak, hajoe boedal aing hajang geura mangkoe, teu lila djěboel oetoesan, noe mawa panangtang djoerit.

Koe Radja dihijap-hijap, mawa naon pangirim ti nji poetri, koemaba teu mawa oedoed, kareungen koe oetoesan, Radja edan oedjoeg-oedjoeg nanja kitoe, rasa maneh dioenggahan, si noeroes-toendjoeng tjilimit.