Lompat ke isi

Kaca:Warnasari.pdf/233

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

92

Sor eta soerat panangtang, disanggakeun ladjĕng bae ditampi, diilo ĕnggeus kamaphoem, goemoedjĕng njalakatak, hajoe patih oerang boedal meungpeung isoek, patih njĕmbah pek oendjoekan, samoehoen ĕnggeus sajagi.

Sang Radja pok ngadawoehan, ka oetoesan maneh geura los balik, aing mangke tangtoe njoesoel, djeung deui poma-poma masing gantjang, koe aing bisi kasoesoel, bedjakeun ka Radja sija, aing menta Radja poetri.

Ki oetoesan gantjang mangkat, ngětěk-ngětěk ngomong djĕroning ati, si gědjoel bět noeroestoendjoeng, hanteu boga kasoesah, sia mangke koe Radja aing ditoemboek, anggoer geuwat sia měgat, moendoer memeh bidjil gětih.

DOERMA.

Enggeus datang oetoesan gantjang oendjoekan, sakabeh henteu kari, sasaoer-saoerna, Radja goemoedjĕng ngeunah, sang Radja poetri ngadjĕrit, aing teu soeka, dipikahajang koe bělis.

Radja ĕnggeus nimbalan nginditkeun balad, pradjoerit geus paboeis, pada tata-tata, kabeh para ponggawa, para mantri geus tarapti, maratěk pědang, baris ti heula indit.

Prameswari djeung Radja nitihan gadjah, dipajoen Radja istri, nganggo karadjaan bintang djimat nagara, mentjenges lir widadari, wara soepraba atawa lir srikandi.

Poetjoek baris geus asoep ka djěro kota, tjampoeh ngadoekeun kĕris, kotjap Radja poetra, noe opat pada dongkap, njandak reboe-reboe abdi, ngamoekna rěmpag, kitoe deui Binjamin.

Djeung ponggawa noe ngiring neangan Radja, hanteu lila kapanggih, tengah pabarisan, dikepoeng kadjiněman,