Lompat ke isi

Kaca:Warnasari.pdf/234

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

95

Biajamin ĕnggeus tjaringtjing, Radja di tewak, sasambat djĕrat-djĕrit.

Radja poetra Binjamin alon saoerna, salasahidji pilih, lamoenna hanteu kĕrsa, taloek sĕrah nagara, koedoe soeka serah pati, ijeu tampanan, poetjoek si tjoenda manik.

Ngawalonan Radja bari doemarěda, kawoela sědja ngabdi, ngasrahkeun nagara, sědja dibawah prentah, digasti didjijeun tjai, ngambang ka kĕrsa, Radja poetra ngalahir.

Moegi-moegi oelah djadi rĕgas manah, djasad kaoela pribadi, noe mangke oendjoekan, ka rama djeung ka raka, nanggĕl mowal manggih pati, geus boebar pĕrang, masang bandera poetih.

Radja poetri djeung raka-raka sadaja, ĕnggeus pada tjaralik, di boemi karadjan, sadaja koelawarga, koempoel taja anoe kari, saroeka boengah, raosna asa ngimpi.

Barang sanggeus Radja noe ngalindih tea taloek, eta Radja ditoenggoewan koe patih, Radja poetra Binjamin gantjang ngadeuheus ka Radja tjaroge nji poetri tea djeung nĕpoengan raka-rakana. Binjamin oendjoekan jeu Radja moesoeh geus katangkěp, nja djisimkoering pisan noe njěpěng. Walon Radja tjaroge sang Radja poetri: Hajoe oerang gantoeng bae, moesoeh kangdjeng rama sakitoe balangsakna, malah lamoen teu kaboedjĕng moeboes kangdjěng iboe kangdjĕng rama, meureun dipoepoesan!

Waktoe Radja tjaroge sang Radja poetri njaoer kitoe, sadajana pada ngarandjoeg, ngiringan kana digantoeng, nagara didjěněngan koe papatjěkan tidijeu, sanggeus repeh noe aroendjoekan ladjĕng Binjamin oendjoekan: Sakalangkoeng djisimkoering hanteu rěmpag, panoehoen djisimkoering sae dihampoera bae, sarta soempah; ngan lamoen teu daekeun