95
masrahkeun nagara, djadi nagara dibawah parentah rama, eta koe paman patih koedoe ditetelakeun pisan, oelah aja noe kalaroeng! Pioendjoek kijahi patih: Soemoehoen dawoehan!
Ladjěng kijahi patih mangkat, teu moelang ka boemina heula.
Sabeurang sapeuting tatjan aja eureunna noe ngadeuheus ka Radja poetri, tina banget atohna banget sonona.
Radja poetra Binjamin hatoer soemoeheon, paparentah ka para ponggawa, para mantri, rehna kijahi patih keur sěpi, andjeunna njoeroe lakoe, meris gawe njadiakeun baris ngahormat ramana soemping.
Katjaritakeun Radja tataloekan tea enggeus njanggakeun sakabeh parabot karaton djeung sakabeh barang; noe ěnggeus koe andjeunna diroeksak atawa dianggo, digĕntosan, sarta njanggakeun panjoengsoem oewang, baris pesta djeung baris pahormatan Radja sěpoeh soemping, disanggakeun ka Radja poetra Binjamin; sakědap oge nagara geus moelih kawas babeula bahari bae, malah tambah rame, tina pintěrna Binjamin ngatoer.
Katjaritakeun Radja sěpoeh enggeus meunang wartos, jen nagara geus kadjaběl koe mantoena djeung koe poetra-poetrana doewa wĕlas tea, sakalangkoeng soeka sjoekoerna djeung ngantos-ngantos noe mapagkeun, hajang geura gok těpang djeung poetra-poetra istri paměgět sarta djeung mantoena.
Keur ngamanah-manah kitoe, djěboel kijahi patih dongkap djeung ponggawa-ponggawa; kijahi patih soedjoed bari nangis sěsěgroekan, Radja istri paměgět kitoe deui, para ponggawa kabeh maroendjoeng, bari tjareurik ! Kijahi patih oendjoekan, gěmět tetela pisan; dina lebah kijahi patih oendjoekan njarioskeun barang dongkap Radja poetra Binjamin njamoer