Lompat ke isi

Kaca:Warnasari.pdf/239

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

98

Sanggeus lědjar ladjěng tjaralik taroewang ngarijoeng, Radja sěpoeh, istri paměgět, Radja anom, istri paměgět, para poetra noe doewa wělas, Radja tataloekan, kijahi patih semah djeung patih priboemi saroeka manah lain di kijeuna bae; dina sapoeloeh taoen eta ngan tapa bae, ajeuna tangtoena kasoekaan lěpas tina doeka-tjita, powe ijeu didaměl powe gawe boelan panglĕdjar tahoen panglipoer, sapapandjangna dielingkeun něpi ka poetra-poetrana toeroen-toemoeroen.

Dimana njorang tanggalna boelan, pesta-pesta nandakeun soeka-manah, saperti ajeuna oerang panoetan Nabi Moehamad, tanggal sapoeloeh boelan moeharam pada saridĕkah, disěboetna siděkah soera, siděkahna boeboer diboengboewan tjampoerradoet, těgěsna naon noe aja, saroepaning katjang, djagong djeung dalima.

Kakotjapkeun geus meunang toedjoeh powe toedjoeh peuting, balaketjrak bae toewang leueut, tatabeuhan taja eureunna, katoedjoeh powena Radja tataloekan geus kawidijan moelih; eta Radja tataloekan langkoeng-langkoeng tarimaeunnana, sarta njaaheunnana ka Radja poetra Binjamin, sabab lamoen henteu koe Binjamin dipoentangan tangtoe dipaehan.

Sarta eta Radja ngan kagoengan poetra istri hidji, teu kagoengan poetra paměgět; dina djěro manahna mangke Binjamin rek dihatoeranan tjalik, ditembongan eta poetrana, lamoen bogoheun, rek dihatoerkeun bae sarta rek diserenan nagara.

Sapoengkoereun Radja tataloekan-moelih, ngadaměl koempoelan di karaton, para poetra noe doewa wělas djeung sang Radja poetri, rek ngadangoekeun tjarios: ditetek mowal aja noe kaliwat, da tatjan kadadarkeun kabeh, enggeus oge ngan bĕběntjlokan bae.