Lompat ke isi

Kaca:Warnasari.pdf/247

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

106

ka Radja. Sadjeroning mawa basi pikir Pawitra kijeu: Lah palangsiang katara oeroet aing njiwit, pikoemahaeun Radja běndoena moen tingalijeun aing maling katoewangannana? ěh moega-moega bae aing oelah kaběndon. Song njodorkeun basi bari leungeunna ngadegdeg beungeut pijas, bawaning sijeun kaoeninga koe Radja.

Da lamoen kaoenignateh eta oraj aja noe njiwit saeutik, tangtoe Radja noeding ka ki Pawitra; mowal bisa moengkir, da taja pětana noe sedjenmah bisa njokot, sabab taja noe njaho djeung sorogna tara ditinggalkeun, ari henteu ditjěkěllan koe ki Pawitra, sok disimpěnan koe Radja, noe matak geus mowal bisa ekol moen kaoeningateh. Radja ningali ka ki Pawitra bari njandak basi tea; Radja manahna heran ningali beungeut Pawitra, naha mana pijas-pijas teuing djeung leungeunna ngadegdeg; beuki ditingali ki Pawitra beuki tambah pijasna djeung ngadegdegna, geus asa děk ditanganan atawa diseuseul.

Tidinja Radja mariksa bari ningali, timbalannana: Pawitra koe naon maneh mana pijas-pijas teuing djeung awak ngadegdeg? Ki Pawitra notorekeun maneh dipariksa teu ngawalon, tina bawaning bingoeng teu timoe pidjawabeun.

Geus kiloe Radja mariksa deui. Wah Pawitra koe naon manehteh? Kaběněran ki Pawitra geus timoe pidjawabeun, pok bae oendjoekan ka Radja: Soemoehoen abditeh oedoer moeriang, ti kamari teu něda-něda atjan, noe mawi ngeureujeuh ngalaladanan gamparan tina bawaning adjrih bae, sarĕng teu aja deui pěrtjajaeun pikeun ngampihan ijeu katoewangan gamparan, noe mawi abdi ngeureujeuh keur nirisan oge!

Radja wělaseun katjida ngadangoe omongan ki Pawitra