Lompat ke isi

Kaca:Warnasari.pdf/251

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
110

Tjek koki: Naha Pawitra geuning ijeu měriteh kawas gĕring, atoeh mowal ngeunah diopor oge.

Ki Pawitra ngawalon: Hih ari koki, poegoeh nja eta noe matak dititah dipeuntjit tea oge gěring, djeung paeh djadi boegangmah mĕnding dipeuntjit, da Radja oge mowal njeuseul Karaman si anoe matak ki Pawitra nitah meuntjit eta mĕri aja noe diarah, nja eta lelepen Radja tea, sabab tadi geus ngadenge omongannana.

Tidinja toeloej bae eta měri koe koki dipeuntjit sarta toeloej dibawa ka tjai dibědel beuteugna, diběrěsihan, ari beh teh bět aja ali intěn dina deukeut djadjantoengna, nja eta lelepen Radja tea.

Koki kaget djeung atoh bari gěgěrowan ka ki Pawitra, pokna: Pawitra! Pawitra! geuwat kadijeu sakeudeung! Geura ijeu naon? Ki Pawitra geuwat njampeurkeun bari roehah-rehoh Ki Pawitra geus nepi ka tjai prok amprok djeung koki, toeloej bae alewoh pada tjarita, tjek koki: Samborong teuing Pawitra maneh keukeuh nitah meuntjit ijeu, mana horengteh aja eusina geuning!

Walon ki Pawitra: Noe matak keukeuh tejamah koela nitah meuntjit, koela lain njaho koe doemeh aja eusina, ngan sapěrkara nendjo měri gĕring njaah moen paeh moebadir, kadoewa pěrkara koelateh geus sakedah polah bae tina bawaning isin koe Radja doemeh koela geus ditoeding koe batoer, djeung ditimbalan koe Radja koedoe nimoekeun lelepen. Timbalan Radja ka kaoela, lamoen bisa nimoekeun naon sakahajang, lamoen henteu bisa nimoekeun koela dipaehan, kitoe timbalan Radja, anoe matak koela sijeun katjida teu bisa nimoekeun eta lelepen, koela njaali ka pati, měnding-měnding moen ěnja ditjokot koe sorongan. Lah