dipaparin doewit djeung koeda teu njaho kamana maksoedna kitoe bae aromongannana kabeh.
Tjatoerkeun ki Pawitra geus djaoeh ti nagara, něpi kana hidji těmpat manggih hidji waloengan gěde, didinja beh manggih laoek ěmas tiloe di darat kasaatan, sarta eta laoek noe tiloe keur ngaromong bari tjeurik, pokna: Eh koemaha oerang teu bisa antjroeb deui, daek-daek oerang paeh di darat; moega-moega teuing aja noe noeloengan ngantjroebkeun! Omongan laoek kabeh kadenge koe ki Pawitra djeung kaharti, toeloej disampeurkeun kasampak laoek teh keur tinggalolepak bae.
Top ditjokot tiloewannana diantjroebkeun koe Pawitra laoekteb, teu kira-kira atoheunnana bari ngomong, pokna: Eh oerang manoesa! kaoela tarima katjida doemeh kaoela geus diantiroebkeun djeung kaoela djandji dimana sampean aja kasoesahan, kaoela sědja noeloengan lamoen njahomah.
Sanggeus kitoe tjlak ki Pawitra toempak koeda deui, indit tidinja toeloej madjoe.
Něpi kana hidji těmpat, didinja beh manggih sireum pirang-pirang ngagoendoek, malah aja Radjana. Radja sireumteh ngomong pokna: Lah moega-moega teuing ijeu djalma noe toempak koeda njingkah oelah djalan kadijeu, lamoen katintjak koe koedana, atoeh meureun paraeh sireumteh kabeh, karoenja těměn!
Omongan Radja sireum kadenge koe ki Pawitra, ki Pawitra teu toeloes djalanna kadinja, nejangan djalan noe sedjen bae.
Radja sireumteh atoh kabina-bina, pok ngomong: Lah noehoen oerang manoesa, sampean teu toeloes djalan kadijeu, ĕngke dimana sampean aja kasoesah, koering sabatoer-batoer sědja noeloeng, tina rek moelang tarima reh sampean njaah ka koering!